Kamis, 12 April 2012

Rupa-rupa Kecap dina Basa Sunda

 
Tata Wangun jeung Warna Kecap (Morfologi)
Kecap téh nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, LBSS (1983) nétélakeun yén kecap téh nyaéta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu. Kecap-kecap dina basa Sunda bisa  dipasing dumasar kana wangun jeung warna/Rupa Kecap, nyaeta :  

A. Wangun kecap
o Kecap Asal  nyaeta kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
o Kecap Rundayan  nyaeta kecap asal anu geus dirarangkénan
o Kecap Rajékan  nyaeta kecap anu diwangun ku cara ngarajék   kecap asal
o Kecap Kantétan nyaeta kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar

B. Warna kecap
o Kecap Lulugu
a. Kecap Barang nyaeta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran anu  dianggap barang.
b. Kecap Sulur nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang
c. Kecap Pagawéan nyaeta kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna
d. Kecap Pananya nyaeta kecap anu dipake pikeun nanya
e. Kecap Sipat  nyaeta kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang
f. Kecap Bilangan nyaeta kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, atawa beungkeutan, kumpulan, atawa oge tahapan.
o Kecap Pancén
a Kecap Panganteb  nyaeta kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis).
b Kecap Panganteur  nyaeta kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés
c Kecap Panambah Aspék nyaeta kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén
d Kecap Panambah Modalitas  nyaeta kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana
e Kecap Panyambung nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah
f Kecap Panyeluk nyaeta kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan

A.1 Kecap Asal
 Kecap asal disebut oge wangun asal, nyaeta nyaeta kecap anu teu kungsi ngalaman  
 parobahan. Proses morfologis basa Sunda nyaeta proses anu  ngahasilkeun kecap jadian  
 (kecap turunan) ku cara :
  1. Ngararangkenan, hasilna disebut kecap rundayan.
  2. Ngarajek, hasilna disebut kecap rajekan.
  3. Ngantetkeun, hasilna disebut kecap kantetan.
 contona, kecap asalna “dahar” mangsa ngalaman proses morfologi ku cara mere imbuhan 
 (ngararangken tukang) “-eun” jadi dahareun.
A.2 Kecap Rundayan
  Kecap rundayan nyaeta kecap asal (kata dasar) nu geus dibere rarangken.
  Rarangken (imbuhan) aya opat rupa, nyaeta rarangken hareup (afiks/awalan), rarangken  
  tengah (infiks/sisipan), rarangken tukang (sufiks/akhiran), jeung rarangken barung  
  (konfiks).
  a. Rarangken hareup (Afiks/awalan) nyaeta rarangken anu disisipkeun di hareup kecap 
      asal. Rarangken hareup dina basa Sunda, nyaeta : ba-,barang-, di-, ka-, N-, pa-, pada-,  
      pang-, para-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.
  b. Rarangken tengah (Infik/sisipan) nyaeta rarangken nu disisipkeun di tengah kecap 
      asal. Rarangken tengah aya tilu, nyaeta : -ar-, -um-, jeung -in-.
  c. Rarangken tukang (Sufiks/akhiran) nyaeta rarangken anu disisipkeun di tukang kecap  
      asal (kata dasar). Rarangken tukang nyaeta : -an, -eun, - ing/ning, -keun jeung -na.
  d. Rarangken barung (Konfiks) nyaeta rarangken nu disisipkeun di hareup jeung tukang  
     dina kecap asal. Rarangken barung nyaeta : ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika-, 
      pika--eun, dan sa--eun.
A.3 Kecap Rajekan
  Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagean atawa  
  sagemblengna, robah sorana atawa henteu. Contona kuda-kuda, imah-imah, bapa-bapa.
  Kecap kasebut asup kana  kecap   rajekan sagemblengna. Lian ti eta aya oge kecap  
  rajekan sabagian, boh bagian hareup atawq bagian tengah. Contona tatajong, babagi,  
  sababaraha.
A.4 Kecap Kantetan
  Kecap kantetan nyaeta kecap nu diwangun ku cara ngagabungkeun kecap jeung kecap,  
  kecap dengan cakal, atau cakal dengan cakal. Contona :
  1) Kantetan kecap jeung kecap, contona : hejo tihang, panon poe.
  2) Kantetan kecap jeung cakal, contona : kurang ajar, kagok asong.
  3) Kantetan cakal jeung cakal, contona : adug lajer, huleng jentul.
  4) Kantetan kecap jeung morfem unik, conto: sabar darana, keukeuh peuteukeuh.



A.3 Kecap Rajekan
  Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagean atawa  
  sagemblengna, robah sorana atawa henteu. Contona kuda-kuda, imah-imah, bapa-bapa.
  Kecap kasebut asup kana  kecap   rajekan sagemblengna. Lian ti eta aya oge kecap  
  rajekan sabagian, boh bagian hareup atawq bagian tengah. Contona tatajong, babagi, 
  sababaraha.
  Babagian kecap rajekan, diantarana :
a. Kecap Rajekan Dwipurwa, nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebutkeun dua 
  kali engang (suku kata) mimiti kecap asalna. (dwi = dua, purwa = mimiti). Contona : kokolot, papait, tetempo, cacabok, popolotot, tatajong. Dwipurwa nurutkeun hartina :
 Lain nu boga lalakon                    : bubuntut
 Barang nu siga                              : sisiku, babantal
 Nuduhkeun alat                            : kakait, cocolok
 Nuduhkeun kecap semu/samar : ririwa, pepetek, papagon
 Nuduhkeun kecap abstrak          : papayung, kokojo
Dwipura ditambah rarangken :
 Leuwih ti sakali     : seuseurian, gogorowokan
 Barang tironan      : momobilan, paparahuan, iimahan
 Rupa-rupa             : kekembangan, pepelakan, bubuahan
 Babagean awak    : mumuncangan, peupeuteuyan
 Mindeng makena : sasapedahan, momotoran
 Asa                         : singsireumeun, lilinieun
 Kasakit                   : jeungjeuriheun, sisidueun
 Kalakuan                : pupujieun, beubelieun jrd.
b. Kecap Rajekan Dwimadya (dwi = dua, madya = tengah), nyaeta kecap rajekan nu 
   dijieun ku cara nyebutkeun dua kali engan ditengah kecap asal. Contona : sababaraha.
c. Kecap Rajekan Dwilingga nyaeta kecap anu dirajek sagemblengna, aya nu robah aya oge
   nu teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebutna Dwimurni, sedengkeun anu robah  
   sorana disebut Dwireka.
     c1 Dwimurni ,(dwi = dua, murni = asli), nyaeta kecap rajekan anu diwangun    
          kucara nyebutkeun dua kali bentuk asal..
               a. Nuduhkeun loba                 : bangku-bangku, samak-samak 
               b. Rupa-rupa, sarua sifatna   : amis-amis, pait-pait 
               c. Lila milampahna                 : mikir-mikir, nimbang-nimbang 
               d. Nuduhkeun kahanjakalan : geulis-geulis, pinter-pinter 

          c2. Dwireka ,(dwi = dua, reka = rupa), nyaetu kecap rajekan anu diwangun  ku cara  
               nyebutkeun dua kali bentuk asal tapi jadi beda sorana. 
               a. Nuduhkeun loba                  : unak-anik, tulang-taleng 
               b. Leuwih ti sakali migawena : luak-lieuk, tumpa-tempo 
               c. Nuduhkeun ti hiji                 : jul-jol, cug-ceg, sur-sor, crung-creng

          c3. Trilingga nyatana dirajek tilu kali jeung robah sorana, contona : dag-dig-dug,  
               hah-heh-hoh, pak-pik-pek 

    d. Kecap Rajekan Dwisasana nyaeta kecap nu dirajekna ngan engang nu panungtung   
        kecap asal. Contona : pudigdig, cikikik, cakakak, 

    e. Kecap Rajekan Binarung Rarangken, nyaeta kecap rajekan nu dibentuk ku cara 
        nyebutkeun dua kali atau lebih bentuk asalna ku nambahan rarangken. Contona :  
        saalus-alus, patarik-tarik.


Nyambung.....>>>>>>>>>>>>>>>



 

1 komentar:

Ageboy Blog: http://ageboy.blogspot.com/2012/04/cara-agar-blog-tidak-bisa-di-copy-paste.html#ixzz1sSO3U4AU