Selasa, 17 April 2012

Mahamkeun NOVEL jeung CARPON

PEDARAN NOVEL

NOVEL kaasup salah sahiji carita rekaan (fiksi), eusi jalan caritana panjang tur loba bagian-bagianana, Diwangun ku basa lancaran, Palaku nu ngalalakonna loba, Mangsa anu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi; palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna.
Carita dina novel sagemblengna mangrupa hasil rekaan jeung imajinasi pangarangna. Sanajan eusina kaharti tapi kalolobaanna lain carita nu sabenerna. Judul Novel nu pangheulana medal nyaeta “Baruang ka nu Ngarora”, pangarangna Daeng Kanduruan Ardiwinata, anu medalna dina taun 1914. Eusina nyaritakeun kahirupan rumah tangga Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah, palaku lainna aya Aom Kusman jeung Nyi Dampi. Novel lain diantarana “Rusiah Nu Goreng Patut” atawa nelahna mah “Karnadi Bandar Bangkong”, anu ngarangna Joehana (Yuhana) jeung Achmad Bassaeli. Kadieunakeun loba pangarang novel nu ngarora, diantarana Eddy D.Iskandar Cinta Pabaliut”.
Unsur Novel meh sarua jeung unsur carita wangun lancaran sejenna, nyaeta aya : Palaku, Alur/Galur, Latar/Kasang tukang, Tema, Ringkesan eusi, jeung Amanat.

PEDARAN CARPON (CARITA PONDOK)

Carpon wancahan (singgetan) tina carita pondok. Carita Pondok nyaeta carita rekaan nu mere kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana pararondok. Lebah ukuran pondok aya nu diukur ku jumlah kecapna nyaeta antara 5.000-10.000 kecap. Aya oge anu diukur ku waktu macana, nyaeta kurang leuwih saparapat jam. Tapi umumna carita pondok Sunda, upama diketik dua spasi make kretas ukuran polio, antara 4-8 kaca, kaasup kana wangun lancaran (prosa).
Kulantaran pondok tea, kajadian anu dicaritakeun oge henteu rea, biasana ngan diwangun ku hiji kajadian utama. Kitu deui palakuna, umumna tara loba, sarta latarna boh tempat boh latar waktuna sarua deuih henteu loba.
Bedana jeung dongeng, carita pondok mah mere kesan kanu macana yen kajadian, palaku, tempat, jeung mangsa anu dicaritakeun teh henteu pamohalan, kajadiaan sapopoe oge mindeng dicaritakeun dina carita pondok mah.

 Wangun carita pondok asup kana sastra Sunda teh mangrupa pangaruh tina sastra deungeun, Walanda, jeung Indonesia, istilah sejen tina carpon nya eta short story. Mimiti hadir dina pajemuhan sastra dina majalah Parahiangan taun 1920. Ari kumpulan carpon anu munggaran nyaeta Dogdog Pangrewong karangan G.S anu medal taun 1930. jadi leuwih tiheula genep taun, upama dibandingkeun jeung buku carita pondok munggaran dina sastra Indonesia, Teman Duduk  karangan M.Kasim, anu terbit taun 1996.
Ceuyahna carita pondok sastra Sunda pangpangna sabada merdeka. Umumna sumebar ngaliwatan majalah-majalah jeung koran Sunda.
Pangarang Carita Pondok jeung karyana nu geus dibukukeun :
R.A.F (Rahmatullah Ading affandi) ; Carita Biasa (Balai Pustaka,1959) Dongeng Enteng ti Pasantren (BP,1961),Ayatrohaedi ; Hujan Munggaran (BP,1960)Caraka ; Neangan (Kiwari,1962) Tini Kartini ; Jurig, Nyi Karsih (Kiwari,1963) Yus Rusamsi ; Parawan (Komara,1964) Ermas ; Tamiang Meulit ka Bitis (Pustaka Sunda,1965) Yus Rusyana ; Jajaten Ninggang Papasten (Rahmat Cijulang,1988), Di luhureun Jukut Reumis (Pustaka Sunda,1965) Ki Umbara ; Diwadalkeun ka Siluman, Iskandarwassid ; Halimun Peuting (Rahmat Cijulang,1989) Karna Yudibrata ; Kanyaah Kolot (Rahmat Cijulang,1985) Aam Amilia : Panggung Wayang, Taufik Faturahman : Kun Fayakun.
Salian ti eta, aya antologi (kumpulan karangan ti sababaraha urang pangarang) kayaning ;
· Kanjut Kunang (dihijikeun antar Puisi jeung sempalan Novel) : Ajip Rosidi jeung Rusman Sutia sumarga.
· Sawidak Carita Pondok : Duduh Durahman, Abdullah Mustapa, jeung Karna Kartadibatra (1983)
· Guriang Tujuh : Kumpulan karya Pangarang wanita “Patrem” (1984)
· Salumar Satra : Hadiah Sastra LBSS (dihijikeun jeung Puisi katut Essey)
Unsur Carpon meh sarua jeung unsur carita wangun lancaran sejenna, nyaeta aya : Palaku, Alur/Galur, Latar/Kasang tukang, Tema, Ringkesan eusi, jeung Amanat.

Senin, 16 April 2012

Nyiar Elmu Pakokolot

(iyasana : Hj. Maryam Dermawanti/Pupuhu Yayasan Al-Marwah)

Hoyong naon, Bab naon? Sadaya, walerannana aya dina Al-Qur’an. Namung waleranana masih keneh sacara Umum atanapi gurat badagna wungkul, da anu ngeceskeunnana mah Rosululloh Muhammad Solallohu ‘Alaihi Wassalam salaku utusan Mantenna. Lalakon anggolati nyiar pangarti, kedah ngannggo anu nungtun, tegesna guru, atanapi saur basa Al-Qur’an mah ahl dzikir nya eta ahli elmu. Hal ieu sakumaha anu kapendak dina Q.S. An-Nahl, ayat 43, anu unina :
“Wa maa arsalnaa mingqobblika illaa rijaalannuuhiii ilaihim, fasaluuu ahladzdzikri ingkuntum laa ta’lamuun”. (Jeung Kami ngutus saha-saha samemeh andika / Muhammad, anging jalma-jalma anu ku Kami dipaparin wahyu, kusabab eta geura tanyakeun ka jalma-jalma ahli dzikir / ahli elmu upama arandika henteu nyaraho mah).

Wajib Nungtut Elmu
Sakumna umat Islam, boh lalaki boh awewe wajib nungtut elmu nyungsi pangarti, sarta lamun dina sajeroning lalampahan nyuprih elmu teh aya nu teu kaharti, urang kudu tetelepek, tatanya ka ulama atawa ka anu ngarti, ulah nutur-nutur kahayang ingsun, mun teu kitu tatanya kana tulisannana. Nyakitu ulama atawa anu ngarti mibanda kawajiban ngamotekarkeun elmuna.
Kusabab nyungsi pangarti hukumna wajib, nya simkuring rumasa kurang elmu dina widang agama, tangtuna sanes taya alesan. Da diantarana bae, ti saprak ngagayuh rumah tangga ti taun 1972 sareng pun lanceuk, Bapa H. Wahyu Hamijaya (Alloohu Yarhamhu) dugi ka pangsiunna estuning taya waktu anu luang aras-urus masalah rumah tangga, barudak, sarta anu kawilang penting mah nyaeta romojng kana pancen salaki salaku militer, anu patali jeung organisasi kawanitaan ti kalangan tentara saperti Persatuan Istri Tentara (PERSIT, punten sanes PERSIS), Dharma Wanita, PKK, sareng organisasi lianna. Tah, kusabab kasibukan anu sakitu lamina, 38 taun ngambah di rumah tangga teh di amanahan ku dua [2] budak awewe jeung hiji [1] budak lalaki, ditambah ku budak adi lima [5] alatan dikantun pupus ku ramana, saurang incu ti gigir alatan teu indung teu bapa.
Kiwari, barudak barudak geus barerers sakolana sarta geus baroga gawe, geus aya anu rarabi, atuh kiwari asa reugreug lantaran dipercaya ku incu anu jumlahna aya sapuluh urangna. Alhamdulillah, pancen ngurus budak geus rada salse, tapi moal ari salse pisan mah, da puguh roda kahirupan mah muter, kiwari asa aya waktu jomplang, ras emut kana ayat diluhur yen nyuprih elmu teh kawajiban, nya sigana ieu mangsana nyiar pangarti teh. Mimiti lelengkah halu narjamahkeun al-Qur’an kana basa Sunda, basa indung, ngangkir ustadz sangkan langkung ngarti jeung kaharti. Tangtuna sajaba kudu aya nu nungtun, teu petot muka sarta ngoreh sorangan, boh hadist atawa elmu fiqihna, jejer anu utamana mah sangkan tumaninah dina ngamalkeunnana, ulah keuna ku babasan cape gawe teu kapake, alatan pasalia jeung katangtuan agama anu samistina.
Pisangem Rosululloh SAW. anu katampi ti Abu Hurairah ra., “Ta’allamu‘l-ilma wa ta’allamu li’l-‘ilmi as sakinata wa wiqara wa tawadhu’ulima ta’allamu li’l-ilmi as-sakiinata wa wiqaara wa tawadhu’uu lima ta’allamuun minhu” = “geura prak tareangan elmu, sarta geura prak ajarkeun deui [ka nu lian]. Sarta dina neangan elmu aya dina katenangan, katingtriman, sarta kudu rendah diri handap asor ka jalma anu anjeun kungsi nyuprih elmu ti anjeuna.” (ath-Thabrani)
Karasa endah hirup di pakampungan bari nyuprih elmu, ngarasa bagja pakokolot pangsiun di lembur sorangan bari tani jeung ngabalong. Dina wanci keur senang hate bari ngararasakeun katenangan, bari teu lesot tina sumujud syukur ka Yang Agung, teu terang ti anggangna, teu apal ti tadina, bet sim kuring meunang cocoba ti Gusti Nu Maha Suci, nya eta dikantun ku pun lanceuk, hartina 8 April 2010, bapana barudak dipundut kunu kagungannana. Teu bisa dikumaha, sok sanajan harita pun lanceuk nuju sehat belejag. Emh, tetela umur lain nu urang, sing horeng aya nu ngatur. Sim kuring teu ieuh kaleleban, da emut kana pidawuh Alloh SWT., :
“Walikulli ummatin ajalun, faidzaa jaa-a azaluhum laa yast’khiruuna saa’atan, walaa yastaqqdimuun”. Jeung pikeun saban-saban umat oge ajalna, nya upama datang ajalna, maranehna moal menta dipundurkeun sakeudeung oge, jeung moal bisa menta di pajukeun [QS. Al-A’raf 7 : 34].
Leres pisan eta pidawuh Alloh teh bet asa keuna ka simkuring, margi anu repot teu damang teh justru rayina, tapi nu dipundut bet rakana.
Cag, sakitu bae heula, urang teraskeun deui dina seratan anu sanesna, Insya Alloh!

(Ibu Hj. Maryam Dermawanti teh Pupuhu Yayasan Al-Marwah Kabupaten Bandung Garwana Bapa H. Wahyu Hamijaya[Allohu yarhamhu] anu naratas sareng ngawakapkeun Lahan katut Wangunan SMA PUQ Al-Marwah sareng SMK AL-MARWAH kangge ngarojong Pendidikan Nasional - disapih deui ku Rudi Linuhung tina Bulletin Iber)

Jumat, 13 April 2012

Aksara Sunda Baku (Kondisional Ngalagena)

Aksara Sunda Baku
Kasang Tukang katut Sajarah
Mimiti Abad IV (kaopat) masarakat geus lila mikanyaho aksara pikeun nuliskeun basa anu ku arinyana digunakeun. Tapi dina jaman Kolonial, masarakat Sunda dipaksa ku panguasa jeung kaayaan pikeun ninggalkeun gunana Aksara Sunda Kuno nu mangrupa salah sahiji identitas budaya Sunda. Kaayaan nu geus lila nepi ka mangsa kamerdekaan eta ngakibatkeun leungitna Aksara Sunda Kuno dina tradisi nulis masarakat Sunda.

Dina tungtung Abad XIX (salapan belas) nepi ka nengahan Abad XX (dua puluh), para panalungtik bangsa deungeun nya eta K. F. Holle jeung C. M. Pleyte jeung ti bumiputra nya eta Atja jeung E. S. Ekadjati mimiti nalungtik prasasti-prasasti jeung naskah-naskah kuno anu ngagunakeun Aksara Sunda Kuno. Nurutkeun panalungtikan sememehna, tungtung Abad XX mimiti tumuwuh kasadaran ayana Aksara Sunda anu mangrupa identitas khas masarakat Sunda. Kusabab kitu Pamarentah Daerah netepeun Perda No. 6 tahun 1996 ngeunaan Mupusti, ngabina jeung Ngembangkeun Basa, Sastra, jeung Aksara Sunda anu kahareupna diganti ku Perda No. 5 tahun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Basa, Sastra, dan Aksara Daerah.

Dina tanggal 21 Oktober 1997 diayakeun Lokakarya Aksara Sunda anu gawe bareng Pamarentah Daerah Tingkat I Jawa Barat jeung Tim Pengkajian Aksara Sunda. Anu ahirna dina tanggal 16 Juni 1999 kaluar Surat Kaputusan Gubernur Kepala Daerah Tingkat I Jawa Barat Nomor 343/SK.614-Dis.PK/99 anu netepkeun yen hasil lokakarya tur kajian tim kasebut diputuskeun jadi Aksara Sunda Baku.

Wanci ayeuna Aksara Sunda Baku mimiti dikenalkeun ka umum ngaliwatan sababaraha acara kabudayaan daerah anu diayakeun di Bandung. Lian ti eta, Aksara Sunda Baku oge digunakeun dina papan nama , Kampus Yayasan Atikan Sunda, jeung Kantor Dinas Pariwisata Daerah Kota Bandung. Lengkah laina oge dipake ku Pamarentah Daerah ngagunakeun Aksara Sunda Baku dina papan nama jalan-jalan utama di kota kasebut.

Dikuatkeun ku Kaputusan Gubernur Jawa Barat tahun 2006 Nomor : 423.5/Kep.674-Disdik/2006 ngeunaan Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar sarta padoman KTSP mata pelajaran Bahasa jeung Sastra Sunda anu ngawajibkeun Mulok Bahasa Sunda kudu aya di Sakola ti mimiti TK/RA tug nepi ka SMA/SMK/MA. Kaasup ngawanohkeun Aksara Sunda hasil kondisional taun 1999.

Babandingan antara Aksara Sunda Baku jeung Sunda Kuno
Aksara Sunda Baku mangrupakeun hasil kondisional Aksara Sunda Kuno anu digunakeun keur nuliskeun Basa Sunda kontemporer. Kondisional kasebut  didadasaran ku padoman :
· Bentuk/wanguna nilik kana Aksara Sunda Kuno sangkan
  kaasliana tetep kajaga,
· bentukna basajan/sederhana ngarah gampang dituliskeun,
· sistem nulisanna nurutkeun kecap demi kecap,
ejaanna ngacu kana Basa Sunda mutahir sangkan babari dibaca.
Dina prakprakana, kondisonal kasebut nyakup kana tambahan huruf (upamana huruf va jeung fa), ngurangan huruf (upamana huruf re pepet jeung le pepet), jeung rubahna wangun huruf (upamana huruf na jeung ma). Imeutan di handap ieu Aksara Sunda Baku nu jadi Dasar mimiti diajar nulis aksara Sunda.


 
Rarangkén
Nurutkeun wangun cara nulisna, 14 rarangkén dikelompokkeun jadi :
a. rarangkén di luhur huruf = 5 rupa
b. rarangkén di handap huruf = 3 rupa
c. rarangkén sajajar huruf = 5 macam

a. Rarangkén di luhur huruf


           b. Rarangkén dihandap huruf
Sundanese sign panyuku.png
panyuku, ngarobah vokal aksara Ngalagena ti [a] jadi [u].
Conto: Sunda Ka.png= kaSundanese sign 
panyuku.png= ku.
Sundanese sign panyakra.png
panyakra, ngarobah konsonan [r] di tengah suku kecap.
Conto: Sunda Ka.png= kaSundanese sign 
panyakra.png= kra.
Sundanese sign panyiku.png
panyiku, ngarobah konsonan [l] di tungtung suku kecap.
Conto: Sunda Ka.png= kaSundanese sign 
panyiku.png= kla.

  

          c. Rarangkén sajajar huruf

 
 Aksara Pokal
    

         Aksara Angka

 Mangga urang imeutan conto diajar nulis aksara Sunda nu di tulis ku siswa-siswi SMA/SMK Al-Marwah, ngke ka payun .....
Ageboy Blog: http://ageboy.blogspot.com/2012/04/cara-agar-blog-tidak-bisa-di-copy-paste.html#ixzz1sSO3U4AU