Senin, 16 April 2012

Nyiar Elmu Pakokolot

(iyasana : Hj. Maryam Dermawanti/Pupuhu Yayasan Al-Marwah)

Hoyong naon, Bab naon? Sadaya, walerannana aya dina Al-Qur’an. Namung waleranana masih keneh sacara Umum atanapi gurat badagna wungkul, da anu ngeceskeunnana mah Rosululloh Muhammad Solallohu ‘Alaihi Wassalam salaku utusan Mantenna. Lalakon anggolati nyiar pangarti, kedah ngannggo anu nungtun, tegesna guru, atanapi saur basa Al-Qur’an mah ahl dzikir nya eta ahli elmu. Hal ieu sakumaha anu kapendak dina Q.S. An-Nahl, ayat 43, anu unina :
“Wa maa arsalnaa mingqobblika illaa rijaalannuuhiii ilaihim, fasaluuu ahladzdzikri ingkuntum laa ta’lamuun”. (Jeung Kami ngutus saha-saha samemeh andika / Muhammad, anging jalma-jalma anu ku Kami dipaparin wahyu, kusabab eta geura tanyakeun ka jalma-jalma ahli dzikir / ahli elmu upama arandika henteu nyaraho mah).

Wajib Nungtut Elmu
Sakumna umat Islam, boh lalaki boh awewe wajib nungtut elmu nyungsi pangarti, sarta lamun dina sajeroning lalampahan nyuprih elmu teh aya nu teu kaharti, urang kudu tetelepek, tatanya ka ulama atawa ka anu ngarti, ulah nutur-nutur kahayang ingsun, mun teu kitu tatanya kana tulisannana. Nyakitu ulama atawa anu ngarti mibanda kawajiban ngamotekarkeun elmuna.
Kusabab nyungsi pangarti hukumna wajib, nya simkuring rumasa kurang elmu dina widang agama, tangtuna sanes taya alesan. Da diantarana bae, ti saprak ngagayuh rumah tangga ti taun 1972 sareng pun lanceuk, Bapa H. Wahyu Hamijaya (Alloohu Yarhamhu) dugi ka pangsiunna estuning taya waktu anu luang aras-urus masalah rumah tangga, barudak, sarta anu kawilang penting mah nyaeta romojng kana pancen salaki salaku militer, anu patali jeung organisasi kawanitaan ti kalangan tentara saperti Persatuan Istri Tentara (PERSIT, punten sanes PERSIS), Dharma Wanita, PKK, sareng organisasi lianna. Tah, kusabab kasibukan anu sakitu lamina, 38 taun ngambah di rumah tangga teh di amanahan ku dua [2] budak awewe jeung hiji [1] budak lalaki, ditambah ku budak adi lima [5] alatan dikantun pupus ku ramana, saurang incu ti gigir alatan teu indung teu bapa.
Kiwari, barudak barudak geus barerers sakolana sarta geus baroga gawe, geus aya anu rarabi, atuh kiwari asa reugreug lantaran dipercaya ku incu anu jumlahna aya sapuluh urangna. Alhamdulillah, pancen ngurus budak geus rada salse, tapi moal ari salse pisan mah, da puguh roda kahirupan mah muter, kiwari asa aya waktu jomplang, ras emut kana ayat diluhur yen nyuprih elmu teh kawajiban, nya sigana ieu mangsana nyiar pangarti teh. Mimiti lelengkah halu narjamahkeun al-Qur’an kana basa Sunda, basa indung, ngangkir ustadz sangkan langkung ngarti jeung kaharti. Tangtuna sajaba kudu aya nu nungtun, teu petot muka sarta ngoreh sorangan, boh hadist atawa elmu fiqihna, jejer anu utamana mah sangkan tumaninah dina ngamalkeunnana, ulah keuna ku babasan cape gawe teu kapake, alatan pasalia jeung katangtuan agama anu samistina.
Pisangem Rosululloh SAW. anu katampi ti Abu Hurairah ra., “Ta’allamu‘l-ilma wa ta’allamu li’l-‘ilmi as sakinata wa wiqara wa tawadhu’ulima ta’allamu li’l-ilmi as-sakiinata wa wiqaara wa tawadhu’uu lima ta’allamuun minhu” = “geura prak tareangan elmu, sarta geura prak ajarkeun deui [ka nu lian]. Sarta dina neangan elmu aya dina katenangan, katingtriman, sarta kudu rendah diri handap asor ka jalma anu anjeun kungsi nyuprih elmu ti anjeuna.” (ath-Thabrani)
Karasa endah hirup di pakampungan bari nyuprih elmu, ngarasa bagja pakokolot pangsiun di lembur sorangan bari tani jeung ngabalong. Dina wanci keur senang hate bari ngararasakeun katenangan, bari teu lesot tina sumujud syukur ka Yang Agung, teu terang ti anggangna, teu apal ti tadina, bet sim kuring meunang cocoba ti Gusti Nu Maha Suci, nya eta dikantun ku pun lanceuk, hartina 8 April 2010, bapana barudak dipundut kunu kagungannana. Teu bisa dikumaha, sok sanajan harita pun lanceuk nuju sehat belejag. Emh, tetela umur lain nu urang, sing horeng aya nu ngatur. Sim kuring teu ieuh kaleleban, da emut kana pidawuh Alloh SWT., :
“Walikulli ummatin ajalun, faidzaa jaa-a azaluhum laa yast’khiruuna saa’atan, walaa yastaqqdimuun”. Jeung pikeun saban-saban umat oge ajalna, nya upama datang ajalna, maranehna moal menta dipundurkeun sakeudeung oge, jeung moal bisa menta di pajukeun [QS. Al-A’raf 7 : 34].
Leres pisan eta pidawuh Alloh teh bet asa keuna ka simkuring, margi anu repot teu damang teh justru rayina, tapi nu dipundut bet rakana.
Cag, sakitu bae heula, urang teraskeun deui dina seratan anu sanesna, Insya Alloh!

(Ibu Hj. Maryam Dermawanti teh Pupuhu Yayasan Al-Marwah Kabupaten Bandung Garwana Bapa H. Wahyu Hamijaya[Allohu yarhamhu] anu naratas sareng ngawakapkeun Lahan katut Wangunan SMA PUQ Al-Marwah sareng SMK AL-MARWAH kangge ngarojong Pendidikan Nasional - disapih deui ku Rudi Linuhung tina Bulletin Iber)

3 komentar:

Ageboy Blog: http://ageboy.blogspot.com/2012/04/cara-agar-blog-tidak-bisa-di-copy-paste.html#ixzz1sSO3U4AU