PEDARAN NOVEL
NOVEL kaasup salah sahiji carita rekaan (fiksi), eusi jalan caritana panjang tur loba bagian-bagianana, Diwangun ku basa lancaran, Palaku nu ngalalakonna loba, Mangsa anu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi; palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna.
Carita dina novel sagemblengna mangrupa hasil rekaan jeung imajinasi pangarangna. Sanajan eusina kaharti tapi kalolobaanna lain carita nu sabenerna. Judul Novel nu pangheulana medal nyaeta “Baruang ka nu Ngarora”, pangarangna Daeng Kanduruan Ardiwinata, anu medalna dina taun 1914. Eusina nyaritakeun kahirupan rumah tangga Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah, palaku lainna aya Aom Kusman jeung Nyi Dampi. Novel lain diantarana “Rusiah Nu Goreng Patut” atawa nelahna mah “Karnadi Bandar Bangkong”, anu ngarangna Joehana (Yuhana) jeung Achmad Bassaeli. Kadieunakeun loba pangarang novel nu ngarora, diantarana Eddy D.Iskandar “Cinta Pabaliut”.
Unsur Novel meh sarua jeung unsur carita wangun lancaran sejenna, nyaeta aya : Palaku, Alur/Galur, Latar/Kasang tukang, Tema, Ringkesan eusi, jeung Amanat.
PEDARAN CARPON (CARITA PONDOK)
Carpon wancahan (singgetan) tina carita pondok. Carita Pondok nyaeta carita rekaan nu mere kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana pararondok. Lebah ukuran pondok aya nu diukur ku jumlah kecapna nyaeta antara 5.000-10.000 kecap. Aya oge anu diukur ku waktu macana, nyaeta kurang leuwih saparapat jam. Tapi umumna carita pondok Sunda, upama diketik dua spasi make kretas ukuran polio, antara 4-8 kaca, kaasup kana wangun lancaran (prosa).
Kulantaran pondok tea, kajadian anu dicaritakeun oge henteu rea, biasana ngan diwangun ku hiji kajadian utama. Kitu deui palakuna, umumna tara loba, sarta latarna boh tempat boh latar waktuna sarua deuih henteu loba.
Bedana jeung dongeng, carita pondok mah mere kesan kanu macana yen kajadian, palaku, tempat, jeung mangsa anu dicaritakeun teh henteu pamohalan, kajadiaan sapopoe oge mindeng dicaritakeun dina carita pondok mah.
Ceuyahna carita pondok sastra Sunda pangpangna sabada merdeka. Umumna sumebar ngaliwatan majalah-majalah jeung koran Sunda.
Pangarang Carita Pondok jeung karyana nu geus dibukukeun :
R.A.F (Rahmatullah Ading affandi) ; Carita Biasa (Balai Pustaka,1959) Dongeng Enteng ti Pasantren (BP,1961),Ayatrohaedi ; Hujan Munggaran (BP,1960)Caraka ; Neangan (Kiwari,1962) Tini Kartini ; Jurig, Nyi Karsih (Kiwari,1963) Yus Rusamsi ; Parawan (Komara,1964) Ermas ; Tamiang Meulit ka Bitis (Pustaka Sunda,1965) Yus Rusyana ; Jajaten Ninggang Papasten (Rahmat Cijulang,1988), Di luhureun Jukut Reumis (Pustaka Sunda,1965) Ki Umbara ; Diwadalkeun ka Siluman, Iskandarwassid ; Halimun Peuting (Rahmat Cijulang,1989) Karna Yudibrata ; Kanyaah Kolot (Rahmat Cijulang,1985) Aam Amilia : Panggung Wayang, Taufik Faturahman : Kun Fayakun.
Salian ti eta, aya antologi (kumpulan karangan ti sababaraha urang pangarang) kayaning ;
· Kanjut Kunang (dihijikeun antar Puisi jeung sempalan Novel) : Ajip Rosidi jeung Rusman Sutia sumarga.
· Sawidak Carita Pondok : Duduh Durahman, Abdullah Mustapa, jeung Karna Kartadibatra (1983)
· Guriang Tujuh : Kumpulan karya Pangarang wanita “Patrem” (1984)
· Salumar Satra : Hadiah Sastra LBSS (dihijikeun jeung Puisi katut Essey)
Unsur Carpon meh sarua jeung unsur carita wangun lancaran sejenna, nyaeta aya : Palaku, Alur/Galur, Latar/Kasang tukang, Tema, Ringkesan eusi, jeung Amanat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar